1 Tesalonika 5
Sim kuring moal nyaritakeun iraha eta kajadian teh piwaktueunana.
Aranjeun sorangan geus terang yen Poe sumpingna Gusti teh taya nu nyaho, cara paling ti peuting.
Waktu ceuk jalma-jalma, "Kaayaan tenang, aman," kacilakaan ujug-ujug datang narajang ka maranehna! Datangna bakal ngadadak kawas kusialna kanyeri awewe nu rek ngajuru.
Tapi aranjeun mah moal kabongohan ku eta Poe kawas kabongohan ku bangsat, da lain aya di nu poek.
Aranjeun mah bawahan caang, bawahan beurang, lain cangkingan peuting atawa erehan poek.
Jadi ulah kaheesan kawas nu sejen, kudu tetep eling jeung caringcing.
Peuting mah jalma-jalma sarare, sarta nya ti peuting jalma-jalma marabok.
Tapi urang mah kabawah ku beurang, kudu mencrang pikiran. Pake baju kere, nya eta percaya ka Kristus, jeung silih pikanyaah; pake balakutak, nya eta pengkuh pangharepan yen bakal disalametkeun.
Allah milih urang teh lain pikeun nadahan bendu-Na, tapi supaya ngamilik kasalametan ku jalan Gusti urang Yesus Kristus,
anu pupus nalangan urang supaya urang bisa hirup reureujeungan jeung Anjeunna, boh lamun dina wanci Anjeunna sumping teh urang geus paeh, boh lamun hirup keneh.
Heug sing terus cara ayeuna, silih tegeran, silih tulungan jeung batur.
Pamerih sim kuring, muga aranjeun sing ngahargaan ka anu keur digarawe nungtun jeung ngatik aranjeun dina sual hirupna anu anut ka Gusti.
Sing enya-enya ngahormat jeung mikanyaah ka aranjeunna, ngingetkeun kana pagaweanana. Sing rukun jeung pada batur.
Kade, mun aya nu kedul papatahan, nu borangan hatean, nu lembek belaan, sing silih sabaran.
Jaga, ulah aya anu ngabales goreng ku goreng, anggur usahakeun sina raresep silih hadean jeung batur jeung ka unggal jelema.
Sing gumbira salawasna,
kudu neneda saban waktu,
tarimakeun reujeung sukur sagala anu tumiba. Kitu aranjeun teh diperihna ku Allah, ari aranut ka Kristus Yesus mah.
Ulah nahan Roh Suci;
ulah nganggap enteng kana amanat-amanat anu diilhamkeun.
Uji sagala perkara: Mun hade cekel sing pageuh,
piceun naon bae anu jahat.
Mugia Allah anu maparin katengtreman ka urang sing nyucikeun tingkah laku aranjeun, sangkan suci sakujur diri, jiwa, nyawa, jeung raga, sing ulah aya celana dina waktu sumping Gusti urang Yesus Kristus.
Mantenna anu geus nyaur aranjeun tangtu kersa nulungan midamel kitu, sabab Mantenna sipat satia.
Doakeun sim kuring jeung batur, dulur-dulur!
Salam sono ka dulur-dulur sakapercayaan.
Ieu surat, demi Gusti, pangmacakeun ka sakabeh dulur sakapercayaan.
Mugia dulur-dulur ginanjar rahmatna Gusti urang Yesus Kristus. Wassalam, Paulus